B. Daerah

Pertanyaan

Jieun contoh kalimat tina kecap nyandak

1 Jawaban

  • Conto kalimah basa Sunda anu ngagunakeun kecap "nyandak" nyaeta "Pun lanceuk nuju nyandak arto di bank". Kecap nyandak nyaeta kecap lemes pikeun ka batur. Kecap lemes pikeun diri sorangan tina "nyandak" nyaeta ngabantun. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap ngabantun nyaeta saperti "Simkuring bade ngabantun artos di bank". Sedengkeun kecal kasar atawa loma pikeun kecap "nyandak" nyaeta nyokot. Conto kalimah anu ngagunakeun kecap mawa nyaeta saperti "Kuring rek nyokot duit di bank".

    Dina basa Sunda aya dua rupa ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa jeung anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung babaturan anu geus akrab atawa loma. Dina Ragam Basa Hormat / Lemes aya dua rupa basa lemes, nyaeta basa lemes pikeun ka diri sorangan jeung basa lemes pikeun ka batur. Sedengkeun dina Ragam Basa Loma, pikeun ka diri sorangan sarua jeung pikeun ka batur.

    Aturan anu aya dina ragam basa Sunda disebutna Tatakrama Basa Sunda. Istilah Tatakrama Basa Sunda, baheula disebutna Undak-usuk Basa Sunda. Dina Undak-usuk Basa Sunda kungsi aya nepi ka dalapan ragam basa Sunda, nyaeta genep ragam basa lemes jeung dua ragam basa loma atawa kasar. Tapi ayeuna dina Tatakrama Basa Sunda ngan saukur aya dua ragam basa, nyaeta Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma. Istilah Undak-usuk Basa Sunda oge ayeuna mah diganti ku Tatakrama Basa Sunda, sabab istilah Undak-usuk Basa Sunda miboga kesan leuwih feodal ti batan istilah Tatakrama Basa Sunda.

Pertanyaan Lainnya