paribasa pangjurung laku hade dihandap ieu. pek artiken kuhidep ! a. ari diarah supaya kudu dipiara catangna b. cai na herang laukna benang
B. Daerah
rasidi3
Pertanyaan
paribasa pangjurung laku hade dihandap ieu. pek artiken kuhidep !
a. ari diarah supaya kudu dipiara catangna
b. cai na herang laukna benang
a. ari diarah supaya kudu dipiara catangna
b. cai na herang laukna benang
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pakeman Basa
Kelas : IX (3 SMP)
Pembahasan :
Harti paribasa Sunda "ari diarah supana, kudu dipiara catangna" nyaeta "naon bae anu ngahasilkeun atawa anu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener". Sedengkeun harti paribasa Sunda "cai na herang laukna beunang" nyaeta "maksud anu dituju bisa kahontal kalawan lancar sarta teu aya hiji pihak anu dirugikeun atawa anu dinyenyeri". Dina sababaraha paribasa Sunda sok aya paribasa anu kecap-kecapna murwakanti atawa kecap-kecapna miboga purwakanti, saperti dina paribasa anu di luhur.
Harti tina purwakanti nyaeta padeukeutna sora antara kecap-kecap anu aya dina hiji kekecapan atawa kalimah. Saperti dina paribasa "ari diarah supana, kudu dipiara catangna", nyaeta kecap "diarah" murwakanti jeung kecap "supana", kecap "dipiara" murwakanti jeung kecap "catangna". Kitu oge dina paribasa "cai na herang laukna beunang", kecap "cai na" murwakanti jeung kecap "laukna", kecap "herang" murwakanti jeung kecap "beunang".